Teks saweran sunat | Lirik sawer khitan
Khitan (sunat) dalam bahasa Sunda disebut dengan nyepitan atau ngeuerut untuk anak laki-laki dan disebut gusaran untuk anak perempuan. Biasanya dalam tradisi adat Sunda ada sawer ketika hajat khitanan atau gusaran. Fungsi sawer adalah sebagai nasihat atau wejangan bagi anak yang dikhitan dan juga bagi kedua orang tuanya.
![]() |
Khitan Vektor |
Berikut contoh teks untuk saweran pengantin sunat dalam bahasa Sunda. Semoga bermnafaat:
Kalayan asma Pang�ran
Nu Maha Asih tur H�man
ayeuna bad� ngawitan
nyaw�r anu disepitan
muga-muga janten jalan
mukakeun jalan pikiran
hingga caang narawangan
istri-pameget nu mulya
nyepitan jiga teu pira
loba jalma nu mokaha
ku pikiran anu tenang
ieu t�h tos janten korban
kuat nahan ti Pang�ran
nyaahna kabina-bina
ka anu janten putrana
Ti barang gubrag ka dunya
dipangga didama-dama
diperhatikeun biangna
dijaga sapapanjangna
�nggal ibu gugah cengkat
reungit �nggalna ditepak
Sang ibu tibra kulemna
budak nangis ngagand�ngan
�nggal dirampa putrana
Mun baseuh �nggal diganti
ku nu garing ati-ati
tos b�r�s disimpen deui
Ningal kanyaah ibuna
ka putra nu sa�stuna
nya kitu deui ramana
Barang nincak dua taun
malar ibu ramana bingung
hariwangna teu kalangkung
Budak kedah disepitan
bari hajat sukan-sukan
sakapeung sok raram�an
Sanajan anu teu boga
tapi sok saaya-aya
dahar ngumpul jeung baraya
Putra anu dipusti-pusti
anak lalaki ngan hiji
dipotong harita pasti
Budak ceurik jejeritan
nyerieun antep-antepan
getih banjir na lahunan
Ibu-rama ngawas-ngawas
ka putra anu dipiwelas
harita dugi ka iklas
Nu puguh mah sabalikna
bungahna kabina-bina
lantaran atos laksana
cobi ayeuna lenyepan
ku kaom nu ngaku Islam
nu parantos disepitan
Mak� jeung ungked-ungkedan
samak hayoh diciuman
da ganjaran pamohalan
Hirup mah cenah da gampang
entong mak� halal haram
nu datangna sambarangan
Agama dianggap satru
sabab ngahalangan napsu
nu jahat ngalajur napsu
Asal dahar jeung pak�an
nu jadi poko pikiran
hirup henteu jeung aturan
Rarasaan t�h r�k lana
hirup bakal salawasna
hirup mo aya tungtungna
Singhor�ng t�h geuning awak
lamun ningal eunteung nyeblak
reuwas hat� geuning ruksak
padahal teu ningal wedak
rambut hideung jadi bodas
waos anu bodas nyacas
Kulit nu h�jo carulang
naha ayeuna bet belang
kokoloteun narumpangan
Pangambung kuwung-kuwungan
bet jiga nu ngar�nyohan
panangan kaya gond�wa
Soca nu cureuleuk m�ncrang
ayeuna cahyana kurang
ningal og� ramang-ramang
Para sad�r�k miarsa
mun enya urang kawasa
pasti moal p�ot bisa
Najan dokter tur �ropa
teu sanggup nambahan nyawa
sangkan hirup urang lana
Najan tukang jamu w�tan
bari nambah kakuatan
malihara kangoraan
Sabab umurna ngolotan
panyakit bet dararatang
boson b�s�r batuk rejang
badan kurang kakuatan
tihothat n�angan dunya
Sieun hirup henteu lana
poho ka anu Kawasa
ka urang teu ngab�laan
najan urang jejeritan
dina waktu moal datang
ngan ukur ngal�l�w�an
urang balik ngan sorangan
Carog� anu micinta
ngan ukur hujan cimata
indung-bapa sareng putra
euweuh nu miros�a
henteu da�k ditinggalkeun
nu sa�na pibatureun
Tah ieu saw�r nyepitan
muga ngajantenkeun jalan
ka anu geus jaranggotan
pamugi ulah �lodan
Jeung urang t�h tos disunat
ibu rama atos hajat
kawin g� maca sahadat
ana kitu kad� lepat
nyata hukum ti Pang�ran
kari-kari dipilihan
n�angan nu hampang gampang
sunatna jeung sahadatna
malahan tambah dosana
Islam sakadar ngaranna
Panutup urang ngado'a
ka Pang�ran anu Mulya
murangkalih sing waluya
dirahmat ku Nu Kawasa
pamuda harepan bangsa
Post a Comment for "Teks Lirik Saweran Sunda Untuk Khitan"