Rarabi Jeung Nyi Sari (Bag 13)

Rarabi Jeung Nyi Sari (Bag 13 End)
Karya: Ceu Ningsih

Ipah ngorejat, pikiran kaweur ngadenge sora anakna ti jero guha. Ipah cengkat, lumpat muru guha.

"Teteh, ulah Teh! InsyaAlloh Wiwin mah teu kunanaon, eta akal-akalan setan sangkan Teteh balangah, antukna cilaka! Tetep ngadu'a Teteh mah!" Amar ngagorowok nempo Ipah muru ka guha.

"Kang Ustad, eta Wiwin pun anak!" Ipah mimiti kaweur.

"Teteh, setan mah loba akal sangkan manusa cilaka ku laku lampahna! Udaganana sangkan manusa balangah, teu inget kana purwadaksina! Sabar Teh, di lembur ge keur ngadaroakeun Wiwin! Kakuatan pangdu'a nu bakal ngarobah takdir!" Amar negerkeun Ipah.

"Mamah, teu nyaah ka Wiwin nya! Ka dieu Mah, tulungan Wiwin!" Sora Wiwin nongtoreng ti jero guha.

Sari ngiles, ngajauhan Amar jeung Ipah jiga keur ngawahan rek ngalawan.

"Tuh! Eta sora Wiwin sidik pisan!" Ipah nginghak.

"Ulah Teh! Omat, tetep ngawirid, ngadu'a, ulah kendat!" Amar muka deui Alqur'an nuluykeun ngaji.

Ku leubeutna pangdu'a, kalayan du'a nu ikhlas. Muntang panangtayungan ti Gusti Nu Maha Suci, jeung kayakinan yen pitulung Alloh pasti keur umatna anu takwa. 

Rengse ngaji, Amar nyampeurkeun Ipah, "Teh hayu sasarengan ka lebet guha, cuang mapageun Wiwin sareng Kang Didin!"

"Sari kumaha? Naha tos binasa?" Ipah culang cileung neangan Sari nu ngiles teuing kamana.

"Kin ge katinggali, kamana jigna Sari, hayu Teh!" Amar leumpang tiheula, asup ka jero guha.

"Win! Kang Didin!" Ipah gegeroan.

Simpe taya nu nembalan, guha nu poek ukur kacaangan ku mata hate, jeung ku pangdu'a nu teu kendat.

"Saha eta?" Sora Didin.

"Abdi Ipah, kalih Kang Ustad Amar ti pasantren Babussallam!" Walon Ipah.

Ipah jeung Amar nuturkeun sora Didin, kasampak keur dipasung, Wiwin gigireunana sarua dipasung, gancang duanana dileupaskeun tina pasungan.

"Win! Ieu Mamah bageur!" Ipah nangkeup Wiwin nu teu usik, kapiuhan.

"Candak kanu lega Teh! Di dieu mah kirang oksigen!" Ceuk Amar.

Wiwin dipangku ku Ipah, Didin jeung Amar naluturkeun kaluar ti guha. Nepi ka luar, gancang ditaekeun kana motor, "Kang Didin sareng Teh Ipah candak Wiwin ka rumah sakit, abdi aya keneh urusan jeung Sari!" 

"Kang, urang ka dieu sasarengan, ninggalkeun ieu tempat ge sasarengan! Hayu meungpeung Sari teu aya!" Ipah ngarasa hariwang, lain cangcaya ku elmuna Amar. Ngan ngarasa tugenah, mun nu nulunganana kumaha onam.

"Jug geura ninggalkeun ieu tempat, karunya ka Wiwin, keun abdi mah tong dipalire!" 

"Tapi Kang!" Didin nyampeurkeun Amar.

"Enggal Kang, teu aya waktos deui!" Amar satengah nyentak, sangkan Wiwin dibawa jauh.

Sanajan bari teu puguh rasa ge, Didin nyelah motor, Wiwin dibonceng di tengah, nyarande ka Ipah. Memeh motor maju, Ipah nganuhunkeun ka Amar. 

"Nuhun Kang Ustad!"

"Nya sami-sami!" Amar unggeuk, kesang maseuhan awakna, sidakep deui nyanghareup ka guha.

Sari nyirorot ti luhur tangkal caringin, dua leungeuna ngaluarkeun cahaya beureum hurung jiga seuneu. Ditojokeun ka Amar, cahaya beureum lempeng nyamber kana dada Amar, rikat ditahan ku Alqur'an, cahaya beureum malikan ka Sari, keuna pisan ka palebah panonna. Sari ngagoak kanyenyerian bari ampun-ampunan, nungkup beungeutna ku dua leungeun. Kasempetan keur Amar pikeun ngalumpuhkeun Sari, gap kana haur koneng leutik nu geus dibekel ti anggalna, bari maca ayat kursi sababaraha balikan, haur koneng ditanclebkeun kana jajantung Sari.

Sari ngajerit, tina bahamna kaluar getih, Sari geus ampir jadi manusa, ngan kaburu datang Amar jeung Ipah nu ngahalangan. Rumpuyuk nyuuh bari leungeun nyepengan dadana, ceurik ngageuri menta disampurnakeun.

"Ampun! Kaula menta dicabut ieu haur koneng! Nyeri lain jijieunan!" Ceuk Sari.

Amar teu galideur, nyaho kana ekol Sari, mun dicabut bakal ngageleber ngudag Wiwin jeung indung bapana. Haur koneng lain hiji-hijina nu nanceb dina jajantung Sari. Nu jadi sasaran teh emun-emunan Sari, leungeun Amar ngulangkeun haur koneng rek ditancebkeun, ngan leungeuna ditewak ku Sari.

"Wayahna, mun hayang kaula binasa, anjeun ge kudu binasa! Rasakeun!" Leungeun Amar nu keur nyepeng haur koneng diteueulkeun kana jajantung Amar, bres! Bres! Ka dua kalina nanceb dina jajantung Amar. 

"Setan laknatulloh! Allohu Akbar, laa ilaahailalloh!" Amar nahan nyeri dina dadana, haur koneng kari hiji deui. Keur dadaligdeugan, gancang ditancebkeun deui kana palebah dada Sari nu sabeulah deui.

"Ampuuuunn!" Sari ngagoak, awakna hurung jiga nu kaduruk, melesat ka awang-awang, beledag! Ngabeledag di luhur langit, awakna ancur jadi lebu! 

Amar tanggah bari seuri leutik, "Allhamdulillah!"

*

"Geus paheut nya, saminggu di Mamah, saminggu di Bapa! Kudu saimbang!" Ceuk Ipah ka Wiwin.

Wiwin seuri bungah, "iraha barengna atuh tiluan?" 

Ipah  jeung Didin silih reret.

"InsyaAlloh engke ge bakal tiluan!" Amar nyelengkeung ti tukangeun Ipah

"Muhun Pa Ustad, nitip pun anak! Abdi mah yakin kana kanyaah Pa Ustad! Abdi ngan mung tiasa jajap pangdu'a" Didin seuri maur, cipanon nyalangkrung.

"Ulah kitu Kang! Urang babarengan mikanyaah ka Wiwin, kalah kumaha ge Akang bapa tegesna nu baris ngawalian!" Ceuk Amar bari maledogkeun paneuteupna ka Wiwin.

"Jang Ustad, pa amil tos ngantosan!" Bah Rukma norojol ti jero imah.

Amar unggeuk, dianteur ku paneuteup Didin, nungtun Wiwin ka jero imah nuturkeun Ipah nu geus teu sabar rek dirapalan. 

Disaksian ku urang lembur, Amar jeung Ipah paheut ngarumah tangga. Geuning sagoreng-gorengna manusa nu lamokot ku dosa, mun geus ngalakonan tobat, tangtu boga kasempetan keur ngomean dirina sangkan teu milampah dosa pikeun mapag kabagjaan tur aya dina karidoan Gusti Nu Maha Suci. Mungguh Alloh mah lautan hampura, jeung salalawasna narima tobat ti umatna nu keyeng ngudag bagja dunya aherat.

Post a Comment for "Rarabi Jeung Nyi Sari (Bag 13)"